Yudhi'm Blog

Blog yang berisi berbagai macam tulisan & tutorial umum. Enjoy the blog here!!!

Banner Iklan1

Banner Iklan1
Sudahkah keluarga Anda terlindungi?

Banner Iklan

Banner Iklan
970x90

Wilujeung gumujeung.....

Surat Ti Nini
Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran bingung
Si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.
Patugas : Aya nu tiasa di bantos Ni?
Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya
parangkona?
Patugas : Aya atuh Ni piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon
deui?
Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga Ni ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!
Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte ku Si Nini.
Geus anggeus nya dibikeun ka Si Nini supaya di aos heula.
Patugas : Mangga di aos heula Ni!
Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura
Nini upama tulisanana butut!
Patugas : Eh, ari si Nini ....!

Geus Cageur
Aki : Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?
Incu : Atos Ki!
Aki : Kumaha ngabejakeunana ?
Incu : Pa Ustad, tahlilan teh teu cios...

Sibuk
Dupi Bapa na aya kitu ? ceuk sora dina telepon.
Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari haharewosan : Aya, tapi
nuju sibuk.
Ari Ibu ?
Sami, mamah ge nuju sibuk, ceuk budak bari angger ngaharewos.
Saha deui atuh anu aya didinya ?
Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk; angger ngaharewos.
Anu nelepon panasaraneun, Naha nuju saribuk naon atuh neng ?
Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng

Manuk
Sabaraha mang manuk ieu hargana ? ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh anu cicing bae, eta
mah dua juta, bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?
His, pan eta anu nyiptakeun laguna...!!

Ibu-ibu jeung Ibu-ibu
Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka babaturanana : Kapaksa
kuring mah menta ditalak ka salaki.
Naha, kunaon kitu ? ceuk babaturanana.
Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah bordil.
Oh, jadi salaki teh lalaki laki-laki hidung belang, nyah ?
Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil teh pan keur neangan kuring! Tembal si
ibu.

Dokter jeung ibu-ibu
Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana mah
apanan mung 25 rebu? ceuk saurang ibu-ibu tina telepon ka saurang dokter
gigi langganan anakna.
Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik pisan,
dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur, walon Dokter gigi kalem

Dokter jeung Aki-aki
Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca teh, ceuk saurang
dokter ka saurang pasena anu geus aki-aki.
Rematik teh panyakit nanahaon atuh Dok ? ceuk si Aki malik nanya.
Rematik teh salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki. Ari anu
ngalantaranakeunana
tiasa bae kumargi Aki tos sepuh....
Si Aki gancang motong omongan dokter, Ah ulah sok ngabobodo kitu, abong
kena
ka aki-aki. Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna
mah
apanan sarua jeung nu kenca?

Pejuang
Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing mani
ageung, ceuk saurang budak ka indungna.
Ka Neneng naros? ceuk indungna.
Muhun. Saurna teh, Neng.... bade meser lahang?

Salam,
Dikdik Hermawansyah


Caritana aya hiji dokter asal batak anyar praktek. Kabeneran ditempatkeunana di Jawa Barat. Kulantaran hayang geura akrab jeung nujadi pribumi nyaeta urang sunda tea. Prung weh manehna praktek teh make basa sunda sanajan bari bisa saeutik oge. Hiji waktu aya pasen ibi-ibu. Der weh....
Dokter : Ibuti garing? (maksudna mah ibu teh geuring?)
Ibu : (mesem) “Rada muriang sakeudik dok,”
Dokter ; “Tah, ieu ubarna. Inum hiji jengker isuk. Inum dua Jengker sore, nu tilu inum jengker peuting!”
Ibu : (gogodeg) “ah, embung ari nginum ubar langsung jengker kitu mah....,”

(dock_ie)
Bagikan :
+
Previous
Next Post »
1 Komentar untuk "Wilujeung gumujeung....."

mani lalucu urang sunda teh nya.
kuring kahibur sanggeus maca blog anjeun.

Informasi Pilihan Identitas:
Google/Blogger : Khusus yang punya Account Blogger.
Lainnya : Jika tidak punya account blogger namun punya alamat Blog atau Website.
Anonim : Jika tidak ingin mempublikasikan profile anda (tidak disarankan).

 
Template By Kunci Dunia
Back To Top