Yudhi'm Blog

Blog yang berisi berbagai macam tulisan & tutorial umum. Enjoy the blog here!!!

Banner Iklan1

Banner Iklan1
Sudahkah keluarga Anda terlindungi?

Banner Iklan

Banner Iklan
970x90

Cakcak Bodas

Sora degung hawar hawar kadenge tikajauhan, luak leok aweuhanana katebak ku angin katiga anu ngagelebug tisubuh keneh. Burudul aleutan anu seserahan ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Panghareupna rombongan panganten diiringkeun ku wadia baladna,ditema ku kasepuhan, ibu-ibu jeung para wanoja naranggeuy bolu,pakean salengkepna anu dihias model sosoangan jeung paparahuan, disambung deui ku nu nanggung dongdang, petong, lomari pajang,korsi jok, jeung spring bed meni ngaharegak capeeun, dipungkas ku nu nungtun domba jalu,anu teu eureun eureun disada beberelean.

Nepi kasimpang jalan aleutan nyorang jalan satapak,
ngebat mapay mapay galengan sawah,ma'lum imah calon
panganten awewe teh ayana mencal ditengah pasawahan,
puguh we aleutan teh asa leuwih panjang da ngantay
saurang saurang teu bisa ngarendeng. Mun ditingali ti
jauhna kadia oray liong anu keur ngaleor katojo ku
panon poe wanci jam tujuh isuk, sing kolebat warna
barukat, sing kolenyay warna samping nu ngaranteur. "Med...bagja silaing mah sakeudeung deui jadi raja sapoe euy !" Ceuk si Adun anu kabagean ngajingjing koper. "Heueuh ceuk dewek ge geus boga danten mah der we atuh naon hesena !" den Kemed nembalan bari menerkeun dasi lorengna,ngalelepkeun kopeahna, terus nyerelekeun calana panjangna anu rada nguduyut. Kaluhurna make jas warna hideung,dina pesakna nogel kembang ros beureum, make sapatu kulit ngagurilap meunang nyemir. "Lain teu hayang dewek teh buru buru kawin pan silaing ge nyaho dewek teh lugah ligeuh keneh...saha awewena atuh nu daekeun diparaban huut badag ?" Tembal Adun rada humandear.
*****

Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa den Kemed jeung
neng Surti geus diuk pagegeye dina korsi
pelaminan,nandakeun maranehna geus resmi ngalaki rabi
kalayan dimaskawinan lima kilo gram emas ditambah kusaparangkat alat KB. Isukna najan panon poe geus moncor kana erang erang, panganten anyar can aya tanda tanda harudang, kamarna simpe, nu kadenge ngan ukur sora cakcak bodas anu peuting tadi bagean ngaronda,galecok keur ngabewarakeun ka baturna naon anu kajadian dikamar panganten peuting tadi. Teu kungsi lila kulisik den Kemed lilir, bray panonna beunta, terus melong ka neng Surti anu masih keneh sare tibra. " Laksana....laksana...!" gerentes den Kemed bari gap nyoo gado neng Surti, nu dicoo bray beunta, beungeutna ngadadak euceuy, era parada lantaran peuting tadi geus kumawani nyoo kumis cokrom den Kemed sasukana. " Nyi tuh tingali sikehed mah angger we sok ngintip !" ceuk den Kemed bari nunjuk cakcak bodas anu naplok dina tembok. " Keun wae atuh kang ngiring bingah panginten ka urang !" tembalna bari keom. " Enya baheula basa urang keur bobogohan, ujug ujug gepluk we kana punduk padahal harita teh tinggal sacelengok celengokeun, antukna biwir ieu ngan ukur bisa ngegel curuk!" " Ah si akang sok ngungkit ngungkit masa lalu...pilakadar ge dieunteupan cakcak bodas atuh, keun wae malahan kedah nganuhunkeun ka eta cakcak sacara teu langsung tos nyegah ngalakukeun anu sanes waktuna dilakukeun !" " Enya da ari bobogohan teu kitu kitu acan mah rugi atuh,komo akang mah ngabelaan bebelekukan ka sawah ari apel teh da sok diuber anjing, na..ari geus nepi sikehed cakcak bodas sok ngaganggu!" " Beu eta siakang meni sok neuteuli kitu, kumaha mun ayeuna bibita we atuh si cakcak teh !" " Maksud nyai ?" " Enya bibita kawas peuting tea geuning !" " Enyaan ieu teh !" den Kemed atoh bari langsung singkil

Ningali kalakuan panganten anu ngabibita sakadang
cakcak, matak gujrud dunya percakcakan saantero kamar panganten,rupa rupa tingkah polahna, aya nu molohok we aya, nu meumpeun carang oge aya, nu noroktok tuurna aya,nu kutap ketap oge aya,cakcak nu gehgeran langsung silih gabrug jeung baturna, anu keur nyempod ditukangeun lomari kumerot neureuy ciduhna bari ngawawaas iraha cenah manehna pangantenan kawas jelema. Ningali kitu, panganten ngan ukur nyenghel, bari otel silih ciwit, teu kungsi lila kadenge panto kamar aya nu ngetrok. " Nyi...nyi..geura gugah tos tabuh dua siang !" emana neng Surti ngagegero ti luar. Neng Surti ngadedempes kitu deui den Kemed ngahephep, nek kaluar era teu kaluar oge sarua erana. " Nyi tuh ema nyauran !" den Kemed ngaharewos. " Kumaha atuh nya kang, isin geuning teu karaos tos siang ieu teh !" neng Surti sarua ngaharewos. " Enya...nya kudu kumaha atuh nyi ?" den Kemed kalahka malik nanya. " Teu langkung akang !" jawabna pondok " Kieu we atuh, kagok borontok kapalang carambang kumaha mun ngabibita cakcak deui ?" ceuk den Kemed mere ideu,neng Surti ngan ukur unggeuk tanda satuju.
(SR)
Bagikan :
+
Previous
Next Post »
4 Komentar untuk "Cakcak Bodas"

aduh ieu carita meni lucu kacida , sok asa kabita hoyong enggal nikah :D

Hallo ... I love that you give valuable info in your article, this may be beneficial to all. I will bookmark your blog and check back here regularly. I'm pretty sure I will learn many new things here! Good luck

After study a few of the blog posts on your website now, and I truly like your way of blogging.I bookmarked it to my bookmark website list and will be checking back soon.Pls check out my web site as well and let me know what you think.

dasar ari cakcak bodas nya, kalakuan teu robah-robah tibaheula =))

Informasi Pilihan Identitas:
Google/Blogger : Khusus yang punya Account Blogger.
Lainnya : Jika tidak punya account blogger namun punya alamat Blog atau Website.
Anonim : Jika tidak ingin mempublikasikan profile anda (tidak disarankan).

 
Template By Kunci Dunia
Back To Top