Yudhi'm Blog

Blog yang berisi berbagai macam tulisan & tutorial umum. Enjoy the blog here!!!

Banner Iklan1

Banner Iklan1
Sudahkah keluarga Anda terlindungi?

Banner Iklan

Banner Iklan
970x90

TEST BASA INGGRIS

Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok.
Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna.
Poé kahiji.
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb,
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu ngancem
"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros.
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang heureuy.
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
"Nangtung dihareup ! Dadan ! "
"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas"
"Nangtung dihareup ! Dikdik ! "
"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih "
"Nangtung dihareup ! Yusuf ! "
"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina"
"Nangtung dihareup ! Mulyana ! "
"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi "
"Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Dadang !
"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "
"Nangtung dihareup ! Nandang ! "
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
"Nangtung dihareup ! Naddy ! "
"Plak - plék - plok, hartosna bararahé "
"Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Adhi ! "
"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Déddy ! "
Si Déddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya.
Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.
Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... téh hitut !
"Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabéh ! ", ibu Lia bendu.
Poé ka dua.
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous,
anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu ngancem
"Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia naros.
"Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ".
"Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni !
"Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun"
" Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh ! Matak TBC
ngajar barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu.
" Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB TC séhat-séhat saja tuh...."
" Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! "

Afwan ...neh pesenen orang Bogor...nyang lain jgn pada marah yach..ups :)

Drh. Titin D.
Ceu Titin gagal waktos desertasi di seméstér akhir fakultas kedokteran hewan IPB.
" Silakan saudara Titin maju untuk menjelaskan desertasinya ", ceuk protokoler
" Terima kasih. Saya akan mengajukan sebuah judul, yaitu hubungan antara kesehatan
binatang dibanding dengan kebiasaan mereka.
Kelinci misalnya, matanya selalu baik karena sering makan wortel, buktinya mereka
tak satupun memakai kacamata.
Belalang dan kupu-kupu selalu sehat karena siang makan nasi, pagi-pagi minum
susu......"
" Sudah tidak usah diteruskan. Kamu tambah satu tahun lagi kuliahnya !"
HEUREUY KAMALINAAN (pangalaman keur Training)

Asrama PLT téh mangrupa kamar-kamar anu dieusi rata-rata duaan sakamarna.
Ampir unggal poé aya baé PR anu sakapeung mah hésé pisan,
perlu waktu anu lila, sakapeung nepi ka kongkorongok hayam munggaran.
Aya babaturan anu teuing ku pinter atawa stress lantaran teu bisa migawé PR,
manéhna nguluyur ka kamar batur, ngaganggu babaturan di kamar éta.
Sakapeung aya babaturan anu keuheul ku polah babaturan lian anu sok kuralang-
kuriling siga ronda ka kamar-kamar, ngaganggu pisan.
Kira-kira tengah peuting ujug-ujug aya nu ngagorowok : " Aduh ! "
Atuh hampir kabéh babaturan kalaluar ti kamarna séwang-séwangan, hayang nyaho
aya kajadian naon.
" Kamu jangan gitu dong. Kan bahaya, orang bisa mati tau !"
Singhoréng nu boga kamar nalikeun kabel listrik kana gagang panto !
Isukna instruktur ngalaporkeun kajadian éta ka Mr Murakami.
" Kalian semua, bulan ini saya potong uang sakunya ! "

SAHA NU HITUT ?

Harita kuring jeung babaturan sakelas keur khusu diajar di kelas.
Nu ngajarna Mr Murakami, the killer nu tara seuri dihareupeun siswa.
Di tukang aya Mr Kawamoto anu sok jadi bahan heureuyan barudak,
maklum rada nyéntrik, buuk digaling siga awéwé, kalung emas siga préman.
Keur khusu-khusu téh ujug-ujug " kuuuk..." sora anu buang exhaust gas !
Mr Murakami molotot (tapi tetep sipit) ka barudak nu diuk di jajaran panghareupna,
barudak nu diuk panghareupna ngalieuk katukang asa teu salah,
barudak nu diuk jajaran kadua ngalieuk ogé ka tukang rumasa teu hitut,
kitu jeung kitu siga domino effect nepi ka jajaran pang tukangna.
Barudak di jajaran pang tukangna ogé rumasa teu salah,
embung disalahkeun, terus ngalieuk ogé ka tukang....
Di tukang aya Mr Kawamoto anu keur nundutan dina korsi....
atuh barudak téh kontan seuri.
Ngadéngé barudak sareuri, Mr Kawamoto ngadadak hudang bari
rungah-ringeuh teu ngarti naon sababna diseungseurikeun ku barudak sa kelas.
Mr Murakami nu tara seuri ayeuna mah teu katahan milu seuri,
atuh barudak beuki ngakak seurina asa diidinan .
Mr Murakami tayohna sadar geus seuri, buru-buru eureun, jamedud deui,
barudak ogé jep jempé siga gaang katincak.
" Kamu semua, nanti pulang jalan kaki ke asrama ..!", Mr Murakami langsung
méré hukuman, lantaran geus pasti moal aya nu ngaku, solidaritas....!
Lumayan, aya kana dua kilo na mah ti sakola ka asrama téh...nikreuh.
Bagikan :
+
Previous
Next Post »
0 Komentar untuk "TEST BASA INGGRIS"

Informasi Pilihan Identitas:
Google/Blogger : Khusus yang punya Account Blogger.
Lainnya : Jika tidak punya account blogger namun punya alamat Blog atau Website.
Anonim : Jika tidak ingin mempublikasikan profile anda (tidak disarankan).

 
Template By Kunci Dunia
Back To Top